BAB 2 KELAS 9 KAMPUNG ADAT SUNDA

 

U

 

rang Sunda hirup jeung budayana. Rupa-rupa kabiasaan atawa tradisi kasampak kénéh ku urang di pilemburan. Urang lembur umumna tukuh

kénéh ngariksa adat kabiasaan titinggal karuhun. Komo deui di lembur-lembur anu  henteu  loba  kapangaruhan  ku modérénisasi, upamana baé di Baduy, Kampung Naga, Ciptagelar, Kampung Pulo, Kampung Dukuh, jeung sajabana. Tah, sangkan hidep terang, kumaha  urang lembur miara budayana, dina ieu pangajaran aya sababaraha tulisan anu medar éta perkara; Kampung Budaya Sindangbarang, kabiasaan urang Sunda anu masih dipilampah tepi ka ayeuna nyaéta Nadran, ngahirupkeun deui kaulinan barudak, jeung paélmuan urang Sunda ngeunaan rupa-rupa lemah (taneuh). Urang rék maca wacana, mikanyaho eusina, sarta niténan pakeman basa  nu aya dina éta wacana.

 

Maca Wacana

Baca sing imeut ieu wacana di handap!

 

Kampung Budaya Sindangbarang

 

Kampung Budaya Sindangbarang téh perenahna di Sindangbarang, Désa Pasireurih, Kacamatan Tamansari, Kabupatén Bogor Barat. Anggangna kira-kira 5 kilométer ti Kota Bogor. Kawilang babari upama urang hayang ngajugjug ka ieu tempat. Bisa tumpak angkot jurusan Sindangbarang, turun di pertelon. Ti dinya mah kari tumpak ojég. Jalanna kawilang nanjak sarta loba péngkolan. Tapi upama geus anjog ka Kampung Budaya, urang dipapagkeun ku pamandangan alam nu matak waas. Leuweung maleukmeuk di jauhna. Imah-imah panggung parentul. Ngajajar asri tur hégar katénjona. Aya Imah Gedé, nyaéta imah pupuhu kampung nu nampeu ka lahan nu  lega ngagemblang, kawas  alun-alun.  Di sisi ieu lahan ngadarangong leuit nu suhunanana nyarungcung éndah pisan. Tangkal kalapa jeung awi tingrunggunuk di sawatara tempat. Aya batu ngadarungkuk di buruan Imah Gedé, diriung ku kekembangan.

 

26                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


 

téh?


Kumaha kasang tukangna ieu kampung budaya Sindangbarang

 

Ceuk katerangan ti Ahmad Mikami Sumawijaya, nu kapapancénan



jadi Pupuhu Kampung, Kampung Sindangbarang téh geus aya ti jaman Karajaan Pajajaran. Dina naskah Pantun Bogor ditétélakeun yén di ieu kampung aya 33 pundénbatunuundak-undakan. Ieupundéntéhminangka tempat paranti muja semédi urang Pajajaran. Rakéan Darmasiksa nu harita nyekel kakawasaan di Pakuan Pajajaran, maréntahkeun sangkan nyieun pundén batu di Sindangbarang. Dina carita pantun Bogor ditétélakeun; “Ulah Sindangbarang geusan tata pangkat diganti deui. Sang Pamanah Sang Darmajati, tanah lemah tutup bumi, tutup buana dat mulusna.” Tina éta ungkara katémbong yén Sindangbarang téh dikaramatkeun, dianggap tempat suci. Malah dianggap papayung buana sangka tetep mulus rahayu.

Sumber: www.datasunda.com

 

Kampung Sindangbarang aya di wewengkon  nu  tanahna  subur. Ku sabab kitu hasil tatanén teu weléh cukul. Rahayat hirup tengtrem tur raharja. Saban taun sok diayakeun upacara adat “Sérén Taun”. Minangka tanda sukur ka Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta miharep hasil nu leuwih punjul dina taun hareup. Tapi  éta  tradisi  téh  henteu  terus manjang. Kira-kira dina taun 70-an upacara “Sérén Taun” geus teu dilaksanakeun deui, sarta imah-imah panggung mimiti lus-les laleungit. Éta sababna pikeun ngariksa budaya titinggal karuhun, dina taun 2006

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 27

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


Kampung Sindangbarang dirékonstruksi deui. Diadegkeun deui dumasar kana katerangan nu kaunggel dina Pantun Bogor. Nya jleg baé ahirna jadi Kampung Budaya Sindangbarang, kawas anu témbong ayeuna.

Di bagian lahan anu rada luhur, aya Imah Gedé, tempat matuhna Pupuhu Kampung. Wangunanana gedé, lalega, dipasieup ku suhunan julang ngapak. Gigireunana aya imah Girang Serat, tempat pamatuhan girang serat, nyaéta jalma anu pancénna purah mantuan Pupuhu Kampung dina ngokolakeun adat jeung kahirupan di Sindangbarang. Teu jauh ti dinya aya deui Saung Talu. Ieu mah wangunan paranti mintonkeun rupa-rupa kasenian. Éta wangunan téh tiluanana aya di sisi alun-alun anu lega, tempat paranti lumangsungna upacara adat Sérén Taun. Salian ti upacara taunan, urang Sindangbarang ogé sok ngayakeun salametan dina malemam 14 purnama. Ngirim du’a ka karuhun sarta ménta kasalametan ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat tetep raharja. Minangka sasajénna maranéhna sok nyadiakeun kuéh tujuh rupa, minangka perlambang  tujuh lapis bumi, jeung kembang tujuh rupa, perlambang tujuh lapis langit. Salian ti éta aya ogé parukuyan, kopi pait, kopi amis, surutu, jeung sajabana.

Perkara imah jeung bagian-bagianana keur urang Sindangbarang mah miboga harti anu mandiri. Bagian tengah disebutna ‘buana panca tengah’ nyaéta tempat cicingna manusa. Bagian handap atawa kolong imah, disebutna ‘buana handap’, tempat cicingna bangsa lelembut, jurig atawa siluman. Ari bagian luhur nyaéta suhunan, disebutna ‘buana luhur’, tempat cicingna karuhun. Kitu deui hateup injuk. Ieu ogé aya pakaitna jeung kaperayaan urang dinya. Ceuk katerangan ti kolot-kolot baheula anu terus turun-tumurun, para déwa atawa karuhun sok nurunkeun piwejang téh dina tangkal kawung. Éta sababna kawung dianggap tangkal anu suci turta injukna sok dipaké hateup keur niungan  imah.  Maksudna  malar anu ngeusina meunang panangtayungan jeung katingtriman.

Di luhur Imah Gedé bagian hareup aya Warogé anu ngagantung. Warogé téh gambar, simbul tina jangjawokan Sunda baheula anu diukir dina kai. Gunana pikeun panulak bala sangkan henteu diganggu ku bangsa lelembut nu boga maksud jahat. Warogé téh asalna tina kecap daruga atawa darugi, robahan tina kecap durga atawa durgi. Dina mitologi Hindu, durga téh Dewi Uma anu disupata ku Batara Guru tepi ka wujudna robah

 

28                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


jadi raksési nu pikasieuneun. Durga dibuang ka leuweung Sétra Ganda Mahayu, karajaan siluman tempat kumpulna roh-roh jahat. Déwi Darugi kawin jeung Batara Kala sarta duanana jadi mahluk jahat. Éta mitologi  téh dipercaya ku Urang Sunda baheula. Nyi Darugi jeung Batara Kala sok datang sarta nganggangu manusa. Éta sababna di imah kudu dipasaang warogé minangka taméng panulak bala. Warogé sok digambar dina awi sarta ditancebkeun di juru-juru imah.


Warogé nu sok digantungkeun di imah. Sumber: dokumen pribadi

 

Gambar atawa simbul dina warogé téh miboga ngaran jeung harti masing-masing. Haranghasuan (warogé simbul seuneu), gunana pikeun ngalolongkeun panon lelembut nu niat ngaganggu pakampungan atawa lahan tatanén. Ratuning Tutulak (warogé simbul taneuh), pikeun panulak bala tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat. Watu Panggilang (warogé simbul batu), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya dina batu. Wangapah (warogé simbul cai), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di cai. Wawayangan (warogé simbul angin), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.

Urang Sindangbarang téh ngagem agama Islam sarta tukuh kana adat titinggal karuhun. Éta sababna dina ngalaksanakeun kawajiban agama loba kacampuran ku adat kabiasaan. Ari pakasaban sapopoéna aya anu tatanén, melak paré jeung sajabana. Aya ogé anu jadi wiraswasta nyaéta

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 29

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


nyarieun batik jeung sapatu. Sapatu ti Sindangbarang dijual ka Pasar Anyar Bogor jeung ka Pasar Pagi atawa Jatinegara, Jakarta. Tadina mah kawilang loba anu nyaireun sapatu téh. Ngan tuluy malencar, muka usaha di tempat séjén. Ari batik mah umumna sok dijarual di Sindangbarang baé, ka wisatawan nu daratang ka dinya. Ieu batik tradisional nu henteu ngagunakeun bahan kimia téh hargana kawilang mahal, baju upamana, hargana bisa tepi ka 150 rébu.

Kasenian ogé dipiara. Barudak loba anu dialajar nabeuh gamelan atawa tari. Saban malem minggu kolot-kolot sok nabeuh gamelan di Saung Talu. Tapi kasenian nu kawilang unik mah nyaéta “parebut séeng”. Ieu kasenian téh saenyana kaasup penca. Diayakeunana upama aya jajaka anu rék ngalamar mojang. Tah, si jajaka téh kudu némbongkeun kamahéran menca sarta kudu bisa ngarebut sééng ti hiji lalaki. Upama sééng bisa karebut, mojang anu dipikahayang bisa dikawin. Tepi ka ayeuna éta tradisi “parebut sééng” téh

masih aya. Ngan ayeuna mah béda. Keurna sééng teu bisa karebut, si jajaka angger bisa ngalamar. Pangna kitu lantaran kungsi aya kajadian riributan ku sabab si jajaka teu bisa ngarebut sééng sarta teu bisa ngalamar mojang anu dipikabogohna.

 

 

 

Batu nu dipelakkeun. Sumber: dokumen pribadi

 

Aya deui tradisi nu ahéng di Sindangbarang téh, nyaéta upacara melak batu, anu ilahar sok disebut Makukeun. Ieu upacara téh ngaruntuy. Dimitian ku Ngunduh Watu, nyaéta néangan atawa milihan batu di walungan. Upama geus manggih, sok tuluy meuleum menyan sarta sasadu ka lelembut nu ngageugeuh walungan yén éta batu téh rék dipindahkeun. Batu anu dipilih téh batu anu  teuas sarta alus rupana jeung wangunna.  Éta batu téh disebut Ungkal Biang (ungkal = batu, biang =  indung), batu

30                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


indung. Geus kitu ditéma ku Ngunduh Matur, nyaéta néangan tatangkalan anu bakal dipelak di sabudeureun batu. Éta batu jeung tatangkalan tuluy dipelak deukeut Imah Gedé, kalawan maké upacara nu disebut Makukeun téa. Salian ti meuleum menyan, aya sasajénna anu disadiakeun nyaéta: rujak tujuh rupa (rujak dawegan, bonténg, caruluk, peuyeum, honjé, cau emas, jeung cuing), kembang tujuh rupa (campaka, kananga, kacapiring, tanjung, malati, kamuning, jeung érmawar), jeung seupaheun. Réngsé melakkeun batu tuluy dipungkas ku murak tumpeng anu geus didu’aan saméméhna. Brak dalahar, balakecrakan. Ari maksudna, melak batu téh malar lembur jeung pangeusina jadi kukuh. Tetep renggenek sarta tuhu ngariksna adat titinggal karuhun.

(Disundakeun sarta diropéa tina internét, tulisan Triani Hanifa)

 

 

 


 

Jawab ieu pananya!

Sangkan hidep leuwih paham kana eusi wacana di luhur, pék jawab ieu pananya di handap!

1.   Ceuk katerangan dina wacana di luhur, pamandangan alam di Sindangbarang téh matak waas. Cing tétéla- keun naon baé nu matak waas téh?

2.   Saha anu jadi pupuhu kampung di Sindangbarang?

3.   Dina carita naon cenah ayana katerangan kampung Sindangbarang téh?

4.   Saha anu maréntahkeun nyieun pundén-pundén batu di Sindangbarang? Pikeun naon éta pundén batu téh?

6.                              Pék tetélakeun naon anu disebut upacara Sérén Taun!

7.                              Ti iraha Kampung Sindangbarang direkonstruksi? Naon sababna?

8.                              Kumaha ceuk kapercayaan urang Sindangbarang ngeunaan babagian imah téh?

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 31

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


9.                               Tétélakeun naon anu disebut Warogé!

10.                         Caritakeun ku hidep kumaha prak-prakan upacara melak batu atawa Makukeun téh!

 

 

Ngaguar Eusi Wacana

Wacana di luhur téh nyaritakeun Kampung Sindangbarang jeung pangeusina anu tuhu miara adat kabiasaan titinggal  karuhun.  Nilik kasang tukang sajarahna, kaharti upama tradisi di ieu kampung dipupusti. Ngadegna cenah geus lila pisan Kampung Sindangbarang  téh,  malah geus aya ti jaman Karajaan Pajajaran kénéh. Sakumaha katerangan dina carita Pantun Bogor, Rakéan Darmasiksa nu jadi Raja Pajajaran harita maréntahkeun sangkan nyieun 33 pundén batu pikeun tempat ibadah urang Pajajaran. Tegesna ti jaman harita kénéh ieu kampung dkaramatkeun, dianggap tempat suci. Malah dianggap papayung buana.

Rupaning adat tali paranti titinggal karuhun tuluy dipiara ku urang dinya, upamana baé; wangunan imah, upacara sérén taun, melak batu, jeung sajabana. Ngan ku sabab ayana pangaruh ti luar, éta kabiasaan téh sawaréh loba anu laleungit, upamana baé wangunan imah panggung. Éta sababna dina taun 2006, Kampung Sindangbarang dirénovasi. Dibebenah deui dumasar kana katerangan anu aya dina carita Pantun Bogor.

Tradisi anu tadina rék musna dihirupkeun deui, upamana baé upacara sérén taun, warogé, kasenian parebut sééng, jeung sajabana. Ku dirumatna budaya Sunda di Sindangbarang, sesebutanana ayeuna mah  jadi robah, diémbohan jadi “Kampung Budaya”.

Ku maca riwayat Kampung Sindangbarang jeung adat kabiasaan nu hirup di dinya, urang jadi terang yén miara banda budaya téh pohara pentingna. Sabab dina saban titinggal budaya, boh anu mangrupa barang (imah, pakakas) boh anu mangrupa adat kabiasaan (upacara sérén taun, melak batu) aya ajén atikan anu kacida hadéna. Loba anu kudu diconto ku urang, upamana baé kumaha kuduna ngariksa lingkungan sabudeureun, leuweung, tatangkalan, jeung sajabana.

 

 

32                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


Niténan Adat Kabiasaan

Dina wacana anu tadi urang manggihan sawatara tradisi atawa budaya Sunda anu nu masih kénéh hirup di Sindangbarang, nyaéta:

1.                            Upacara Sérén Taun

Upacara anu diayakeun minangka tanda sukur ka Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta miharep hasil nu leuwih punjul dina taun hareup. Salian ti di Sindangbarang, upacara sérén taun téh sok diayakeun ogé di wewengkon séjénna,  upama baé di Baduy, Ciptagelar, Kampung Urug, Kampung Naga, jeung sajabana. Runtuyan kagiatanana ilaharna nyaéta ngadu’a, murak tumpeng, jeung pintonan rupa-rupa kasenian tradisi.

 

2.                            Salametan Maleman Opat Welas

Salian ti sérén taun, di Sindangbarang ogé aya salametan nu diayakeun saban bulan dina maleman opat welas purnama. Ieu salametan téh ngadu’akeun anu geus parupus sarta ménta kasalametan ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat salamet sarta raharja.

 

3.                            Wangunan Imah jeung Palasipahna

Pikeun urang Sindangbarang, imah  téh  diwangun  ku tilu bagian sarta miboga harti sewang-séwangan. Bagian tengah disebutna ‘buana panca tengah’ nyaéta tempat cicingna manusa. Bagian handap atawa kolong imah, disebutna ‘buana handap’, tempat cicingna bangsa lelembut, jurig atawa siluman. Ari bagian luhur nyaéta suhunan, disebutna ‘buana luhur’, tempat cicingna karuhun.

 

 

 

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 33

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


4.                           Upacara Melak Batu

Upacara melak batu téh ngaruntuy dina sawatara kagiatan, nyaéta:

a.                             Ngunduh Watu, néangan atawa milihan batu di walungan pikeun dijadikeun ungkal biang.

b.                            Ngunduh Matur, néangan tatangkalan anu bakal dipelak di sabudeureun batu.

c.                             Makukeun, melakkeun batu di hiji tempat, deukeut imah pupuhu kampung.

5.                           Warogé

Warogé téh gambar atawa simbul tina jangjawokan Sunda baheula anu diukir dina kai. Dina warogé aya lima gambar kalawan miboga ngaran masing-masing, nyaéta:

a.                             Haranghasuan (warogé simbul seuneu), gunana pikeun ngalolongkeun panon lelembut nu niat ngaganggu pakampungan atawa lahan tatanén.

b.                            Ratuning Tutulak (warogé simbul taneuh), pikeun panulak bala tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat.

c.                             Watu Panggilang (warogé simbul batu), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya dina batu.

d.                           Wangapah (warogé simbul cai), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di cai.

e.                             Wawayangan (warogé simbul angin), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.

6.                           Kasenian Parebut Sééng

Ieu kasenian téh saenyana kaasup penca. Diayakeunana upama aya jajaka anu rék ngalamar mojang. Tah, si jajaka kudu némbongkeun kamahéran menca sarta kudu bisa ngarebut sééng ti hiji lalaki. Upama sééng bisa karebut, mojang anu dipikahayang bisa dikawin.

7.                           Istilah anu séjénna

Salian ti anu geus dipedar di luhur, dina wacana anu tadi aya deuih sawatara istilah anu patali jeung tradisi urang Sunda. Geura urang tataan:

a.                             Imah panggung, imah anu aya kolongan, dadamparna anggang

tina taneuh.

“Di pilemburan ogé ayeuna mah geus langka imah panggung téh.”

34                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


b.                            Leuit¸ wangunan husus paranti nyimpen paré.

“Saban réngsé panén urang Sindangbarang ngunggahkeun paré kana leuit, diluluguan                 ku pupuhu kampung.”

c.                             Suhunan, babagian imah anu pangluhurna.

“Tuh geuning, japati téh areunteup dina suhunan!”

Ditilik tina wangunna suhunan téh aya rupa-rupa. Tingali ieu gambar imah jeung suhunanana anu béda-béda di handap!

 


 

Suhunan jolopong                                   Julang ngapak


Parahu kumureb                                      Capit gunting

 

 

 

 

 

 

 

 

Tagog anjing                                               Heuay badak

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 35

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX

Di unduh dari : Bukupaket.com


d.                            Pantun, carita buhun (baheula) anu loba nyaritakeun karajaan. Carita pantun sok dilalakonkeun ku juru pantun kalawan dipirig ku kacapi. Aya bagian carita anu sok dihariringkeun. “Pantun téh kaasup kasenian buhun anu kiwari geus taya dikieuna..”

e.                             Pundén, tina kecap pundi, barang anu disuhun atawa disangga

ku barang séjén; batu nu undak-undakan.

“Upama ulin ka situs urang sok manggihan pundén-pundén batu.”

f.                              Sasajén, tina kecap saji, sasajian, barang atawa kadaharan anu disajikeun, disuguhkeun. Dina kabiasaan urang Sunda sasajén téh miboga harti husus, nyaéta barang atawa kadaharan anu disuguhkeun ka karuhun atawa ka bangsa lelembut.

“Kumaha paménta Ki Dukun téh, enya cenah ménta sasajén hayam

camani?”

g.                            Parukuyan¸ wadah tempat meuleum menyan.

“Aki Dira ngagereyem mapatkeun jampé, nyanghareupan parukuyan nu geus ngelun.”

h.                            Kolong, rohang imah bagian handap.

“Ari hujan mah hayam téh ngariuhan ka kolong imah.”

i.                                Lelembut, dedemit, roh, mahluk gaib.

“Jurig téh kaasup bangsa lelembut anu sok ngaganggu manusa.”

j.                                Kawung, ngaran tutuwuhan, sok disadap, caina disebut lahang, amis, sok ditaheur dijieun gula.

“Lian ti disadap lahangna, kawung ogé sok diala injukna, pikeun dijieun tambang atawa hateup imah.

k.                             Panulak bala, atawa tulak bala, barang atawa tutuwuhan anu sok dipaké nyegah gangguan bangsa  lelembut,  dedemit. “Jukut palias sok dipaké tulak bala sarta ilaharna disimpen di luhureun panto.”

l.                                Jangjawokan, jampé, mantra.

“ Bari madep ngulon, Nini Usih ngagereyem mapatkeun jangjawokan.”

m.                        Tatanén, barangpelak

“Di pilemburan mah loba kénéh anu tatanén téh, boh melak paré boh palawija.”

 

 

36                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


14.                          Gamelan, tatabeuhan sapuratina, goong, saron, jsb. anu ilahar sok          dipaké          dina          kasenian          degung. “Gamelan téh surupanana béda-béda, aya anu maké surupan saléndro, pélog, aya ogé degung.

15.                          Ngalamar, pihak lalaki nanyaaan ka pihak awéwé pikeun

maheutkeun pernikahan.

“Béjana isukan Kang Ruhimat jeung kulawargana rék ngalamar Néng Elin.”

16.                          Penca, seni béla diri anu ngutamakeun gerak dina wangun jurus-jurus.

“Di urang anu kasohor téh di antarana penca Cimandé, Cikalong, jeung Sahbandar.”


 

1.               Cing pék tulis kabiasaan atawa tradisi naon nu aya  di lembur atawa di lingkungan hidep! Pigawé jeung batur sakelompok!

2.               Ieu di handap aya sawatara istilah anu nuduhkeun kabiasaan atawa tradisi urang Sunda. Pék téangan hartina ku hidep dina kamus!

a.              Nyunatan

b.             Nyawér

c.              Nyekar

d.             Pancakaki

e.              Paririmbon

 

Ningkes Wacana

Sabada dibaca turta kaharti eusina, wacana “Kampung Budaya Sindangbarang” téh ku urang bisa ditingkes kalawan nyaritakeun bagian- bagian anu pokona. Titénan ieu contona:

Kampung Budaya Sindangbarang téh hiji lembur nu perenahna di wewengkon Kabupatén Bogor Barat. Ieu lembur pamandangan alamna éndah pisan. Aya leuweung, tatangkalan, alun-alun, jeung  wangunan imah panggung nu parentul, hégar tur asri katénjona. Nurutkeun

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 37

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


sajarahna, sakumaha nu aya dina carita Pantun Bogor, ieu kampung geus aya ti jaman Karajaan Pajajaran. Dina jaman harita dianggap tempat anu suci sarta sok dipaké tempat ibadah.

Urang Sindangbarang tukuh miara adat kabiasaan titinggal karuhun. Wangunan imah panggung jeung leuit, némbongkeun ciri has wangunan urang Sunda baheula. Aya wangunan husus nu disebut Imah Gedé, tempat pangajrekan pupuhu kampung, jeung imah Girang Serat, panganjrekan girang serat anu mantuan pancén pupuhu kampung. Dina taun 2006  Kampung Sindangbarang téh dirénovasi, dibebenah deui wangunana sarta dihirupkeun deui tradisi anu méh laleungit. Aya sawatara adat kabiasaan anu dipiara tepi ka ayeuna. Upamana baé upacara sérén taun, salametan maleman opat belas, upacara makukeun, warogé, jeung kasenian parebut sééng.

 


 

1.              Ieu di handap aya dua wacana anu ngaguar adat kabiasaan urang Sunda. Pék baca ku hidep sing imeut.

2.              Sawalakeun eusina jeung batur sakelompok.

3.              Tulis sarta téangan hartina kecap-kecap anu patali jeung adat kabiasaan.

4.              Tuliskeun kumaha pamanggih hidep kana éta wacana.

5.              Jieun tingkesan tina éta wacana.

 

 


Wacana


Nadran Poé Lebaran


 

 

Nyaksian nu keur nadran, bisa jadi lamun dipikiran ku alam kiwari mah aya nu matak kerung atawa boa pikaseurieun. Dina poé lebaran, kolot-kolot di pilemburan umumna nganggap ‘wajib’ nadran di kuburan téh.

Sapoé saméméh lebaran, rampé, daun pandan jeung kekembangan geus disiapkeun. Rampé bisana sok meuli ti warung. Piisukaneun lebaran

 

38                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


mah di warung téh sok aya rampé beulieun. Ti peuting kénéh geus diajam,  nadran téh rék ka makam aki  jeung nu séjénna.

Isuk-isuk kakara nyiap- keun cai dina kendi atawa dina botol. Henteu sagawayah cai deuih, tapi kudu anu geus dijiad heula ku kokolot lembur. Nu matak rebun- rebun kénéh sok ngalabring ka


 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Sumber: www.datasunda.com


imah kokolot lembur, rék ménta dipangmarancahankeun cai. Ké balik solat id disampeur deui.

Dina prak-prakanana, nu rék nadran naragog deukeut kuburan. Gereyem babacaan, tawasul, fatéhah, ngaji yasin, sarta sok tuluy dipungkas ku du’a. Réngsé ngadu’a, wur-wur rampé jeung kembang téh diawurkeun kana kuburan. Cur cai tina kendi. Geus kitu der ‘ngawangkong’ jeung kuburan. Maké jeung ngawanohkeun anak-incu sagala rupa. Mun aya kajadian nu patali jeung rajakaya titingal anu geus maot, sok dicaritakeun deuih. Kawas imah nu diruag, sawah anu digadékeun atawa dijual, atawa tanah anu geus dibagikeun ka anak-incu. Kitu deui, nu jadi kokolot nadran ilaharna sok nétélakeun ka anak-incu nu harita milu nadran, kuburan saha anu keur dijarahan téh, kumaha waktu keur hirupna, jeung sajabana.

Nadran téh geus jadi kabiasaan urang Sunda ti jaman bihari kénéh. Dina buku Roesdi jeung Misnem karangan A.C. Deenik jeung Rd. Djajadiredja, aya bagian anu nyaritakeun nadran. Dicaritakeun Si Rusdi jeung bapana arindit ka  kuburan  bari  mawa  rampé,  kembang,  jeung  cai dina kendi. Wur kekembangan téh diawurkeun kana makam terus dikucuran ku cai tina kendi. Gereyem ngadu’a.

Dina kamus Sunda, nadran  téh  hartina  ngembang,  nyekar,  jarah ka kuburan. Tapi di sawatara wewengkon mah nadran téh salah sahiji upacara adat basisir (di Cirebon jeung Subang). Méh sarua jeung “Ngarot” di Indramayu atawa “Badirian” di Majalengka. Dina mitologi urang Sunda baheula, nadran téh ngadu’a bari nyérénkeun sasajén, hasil

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 39

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


tatanén, atawa sato beunang meuncit ka “karuhun”. Biasana éta upacara téh sok diémbohan ku pirang-pirang kasenian pikeun némbongkeun kagumbiraan nu milu upacara. Aya deui nu nétélakeun yén kecap nadran téh asalna tina nadra, nyaéta déwi anu nyangking roh manusa di alam kubur dina mitologi Hindu.

Datang ka kuburan, ngadu’a sarta tuluy ngawurkeun kembang, tangtuna moal aya kabiasaan kitu téh di wewengkon Arab mah nu jadi pamiangan nyebarna agama Islam. Tong boroning nadran, dalah kuburan oge apan tara maké tutunggul-tutunggul acan di Arab mah. Sabab ceuk katerangan ti Rosul ogé, nu geus maot mah putus sakabéh hubunganana jeung jalma anu hirup, iwal ti tilu perkara, nyaéta; amal jariah, élmu anu mangpaat, jeung anak nu soléh.

Ku kituna, lamun matalikeun nadran jeung jeung ajaran Islam, boa- boa kaasup bid’ah. Tapi kapan Islam mah bisa tumuwuh di pakarangan budaya anu rupa-rupa. Budaya nu geus jadi ciri sabumi cara sadésa. Ari anu kasebutna budaya, najan mimitina aya pakaitna jeung momentum kaagamaan, laun-laun bisa luntur. Kawas kabiasaan nakol bedug mapag lebaran upamana, apan ayeuna mah geus mimiti langka. Nadran gé nya kitu. Boa dina hiji mangsa mah bakal ngiles tina kabiasaan urang Sunda. Tapi ku ayana nadran téh bisa jadi hiji panggeuing kana hal nu remen kapopohokeun, yén sakur jalma téh bakal maot.

 

 

(Tina Cupumanik No. 4/Dadan Sutisna)

 

 


 

1.             Baca ieu wacana di handap!

2.             Tulis sarta téangan hartina kecap-kecap anu nuduh- keun adat kabiasaan.

3.             Pék tuliskeun kumaha pamanggih hidep kana eusi ieu wacana, sarta jieun tingkesanana!

 

 

 

40                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


Wacana

 

 

Ngahirupkeun Deui Kaulinan Barudak

 

 


Dunya barudak raket pisan jeung kaulinan. Teu sirikna ti barang borojol kénéh, budak téh geus diwanohkeun jeung rupaning cocooan. Ngan orokaya réa kolot anu méré cocooanana téh bari jeung teu nyaho kana kagunaan atawa        mangpaatna. Dapon budak resep, atawa ngudag kana prahna baé ilaharna mah. rék pangaji


 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Sumber: http//:3bp.blogspot.com


sabaraha-sabaraha baé ogé dibeuli. Nyaah ka budak alesnana mah. Usum tamiya, dipangmeulikeun tamiya. usum pépéstolan dipang-meulikeun pépéstolan. Usum rorobotan dipang-meulikeun rorobotan. Atuh budak gedé saeutik dipangmeulikeun PS (play station).

Teu di kampung teu di kota kituna téh. Réréana cocooan anu dibikeun ka budak téh jieunan pabrik. rék tina palastik rék tina beusi. Ngan anu puguh teu saeutik cocooan anu kawas kitu téh mawa watek goréng kana tumuwuhna budak, pangpangna patali jeung kagunaanana dina ngahudang daya motorik jeung kasaimbangan uteukna.

Kiwari mah geus langka aya budak anu ulin kolécér, panggal, bebedilan tina awi, gogolékan, empét-empétan, ker-keran, sanari, toléot, panggal, atawa jajangkungan. Padahal saméméh wawuh jeung kaulinan anu dijual di toko, budak téh asalna mah dalit jeung kaulinan lembur modél kitu.

Di Kampung Bolang, Désa Cibuluh, Kacamatan Tangjungsiang, Subang, aya komunitas anu ngamekarkeun kaulinan barudak. Ngaranna Komunitas Hong. Diadegkeun ku Mohamad Zaini Alif dina bulan Juli 2003.

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 41

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Sumber: www. datasunda.com

 

 

 

Di Bandung ogé aya kantorna ieu komunitas téh, nyaéta di Jl. Bukit Pakar Utara No. 35. Minangka Pusat Kajian Mainan Rakyat Sunda, ieu komunitas téh leuwih cocog lamun disebut komunitas tempat ulin barudak. barudak dibéré kalaluasaan keur ulin, diajar nyieun cocooan, jsb.

Hong téh kecap nu ilahar dikedalkeun ku barudak nu keur ucing- ucingan. Dina waktu 12 taun, Zaini nalungtik rupa-rupa kaulinan barudak. Ti mimiti cocooan nepi ka kaulinan anu ngagunakeun alat. Aya 120 kaulinan cenah anu geus kapanggih téh. Jumlah sakitu téh kakara ti wewengkon Sunda pakidulan wungkul.

Kaulinan barudak sok disarebut ogé kaulinan rayat. Pangaruhna kana kamekaran budak gedé pisan. Salin ti keur hiburan, bisa ngasah rasa jeung kasaimbangan uteuk budak deuih. Éta kaulinan téh teu mikabutuh waragad anu gedé. Budak bisa nyieun ku sorangan. Bahana geus nyampak, kari daék ngamangpaatkeun barang-barang nu aya di lingkungan sabudeureun.

Sawatara kaulinan gédé mangpaatna keur ngalatih kasaimbangan. jajangkungan upamana, atawa kelom batok. Ari hatong, celempung, jeung kekeprak, lian ti bisa keur hiburan, alus deuih keur ngalatih rasa. Nu teu maké alat cara Sursér atawa Paciwit-ciwit lutuk, hadé pikeun nyaimbangkeun uteuk kénca jeung katuhu tur ngalatih rasa barudak. Kitu deui kakawihan-kakawihan nu ilahar sok ditembangkeun dina kaulinan, mun dititénan ngandung harti anu jero kawas Pacici-cici putri, Paciwit- ciwit lutung, atawa Pérépét jéngkol.

42                                                            Pamekar Diajar BASA SUNDA

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


Tepi ka kiwari, Komunitas Hong téh anggotana 30 urang, ti mimiti budak kelas 1 SD tepi ka rumaja. Minangka salah sahiji kagiatanana, remen paméran, boh di Bandung boh di Jakarta. Saban paméran, Zaini minangka nu ngasuhna, sok ngerid barudakna nu 30 urang téa. Kitu deui sarupaning pakakas kaulinan sok diringkid ka tempat paméran.

Rupaning kaulinan téh dipamérkeun. Sok diayakeun works shop- na, cara-cara nyieun kaulinan jeung ngajual produk kaulinan.

Pikeun anggota Komunitas Hong, ku remen milu paméran téh loba hikmahna. Lian ti nambahan pangalaman, éta kagiatan téh bisa ngadatangkeun panghasilan deuih. Ceuk Tatang Hérmanto, salah saurang anggota Komunitas Hong, saban paméran réa nu datang sarta resepeun kana cocooan anu dipamérkeun. Maraéhna aya urang Sunda, Cina, atawa turis ti manca nagara. Maranéhna loba anu mareuli cocooan.

Hiji barang kaulinan téh hargana antara 15.000 – 25.000,-. Dina sapoé paméran téh cenah osok kajual antara 20 tepi ka 25 barang kaulinan. Aya kalana sok tepi ka béak teu nyésa. Hasil tina ngajual cocooan téh sok dibagikeun ka barudak.

Sanggeus nalungtik rupaning kaulinan barudak sarta nyieun komunitas, Zaini boga rencana hayang nyieun museum kaulinan barudak. Nu geus mimiti dipigawéna nyaéta road show, nguruling ka mall-mall jeung ka sakola-sakola. Nu kawilang penting dipikiran nyaéta ka mana ngamalirkeun éta kaulinan, naha ka TK-TK upamana.

Patali jeung mekarkeun usahana, kiwari Zaini keur tatahar nyieun pola industri kaulinan rayat di Subang. Kosépna basajan. Barudak arulin, geus kitu cocooanana ditampung ku Zaini, diropéa deui tuluy dijual. Duitna dibikeun ka maranéhna, naha keur nuluykeun sakola atawa keur mantuan kahirupan koltona. Produksina dijieun di imah séwang- séwangan. Masarkeunana bisa ka Mall atawa dijual sorangan ku barudak. Sagédéngeun éta, kiwari Zaini ogé keur naratas nyieun Kampung Kolécér di lemburna, di Subang. Puguh baé keur ngahontal éta cita-cita butuh pangrojong, utamana waragad. Tapi manéhna ngasa yakin yén dina hiji mangsa kahayangna bisa tinekanan.

(Tina Cupumanik No. 50/Ibnu Hijar Apandi)

 

 

Pamekar Diajar BASA SUNDA                                                                 43

Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX


Pancén

Pikeun nambahan kaweruh hidep kana adat kabiasaan atawa budaya urang Sunda, pék téangan tulisan anu ngaguar perkara éta. Hidep bisa maca tina majalah, koran, atawa internét. Baca heula éta tulisan tepi ka kaharti eusina, tuluy tuliskeun pamanggih hidep sarta pasrahkeun ka Ibu/Bapa Guru minangka laporan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANATA ACARA/ PEMBAWA ACARA

KAWIH