PANATA ACARA/ PEMBAWA ACARA
PANGAJARAN
I
PANATA ACARA
A. Maca Wacana
Baca sarta
titénan ieu conto téks omongan di handap!
1. Panata Acara
Ieu
di handap aya conto téks omongan panata acara. Pék baca sarta tengetan ku hidep
sing gemet!
Assalamu’alaikum
wr. wb.
Bapa
miwah Ibu, hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Langkung ti payun sumangga urang
nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat
ka urang sadaya. Alhamdulillah
ku rohmat manten-Na, dina danget ieu
urang dipaparin séhat sareng kakiatan, dugi ka
tiasa riung mungpulung di ieu patempatan,
dina raraga nyakséni acara paturay
tineung sareng ngajurung laku ka siswa-siswi
kelas salapan anu parantos lulus ti
ieu sakola.
Hatur séwu nuhun ka
Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos
kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pamugi ieu silaturrahmi téh sing nyandak barokah sareng kasaéan ka urang sadaya.
Hadirin anu sami linggih!
Supados ieu acara lumangsung kalayan lungsur-langsar sarta
aya dina rido Alloh SWT, sumangga urang kawitan ku maoskeun basmallah
sasarengan, bismillah- irrohmanirrohim.
Salajengna, sim kuring badé ngadugi- keun
runtuyan acara, anu badé dipidang-
keun dina ieu acara Paturay Tineung.
1.
Bubuka
2.
Ngaoskeun ayat
Suci Al Qur’an
3.
Laporan Pupuhu Panitia Paturay Tineung
4.
Hariring kawih “Sabilulungan”
5.
Biantara Pangbagéa
ti Pupuhu Komite Sakola
6.
Hariring Himneu SMP
7.
Biantara Bapa Kapala Sakola
8.
Upacara Adat “Prosesi Penglepasan” Kelas IX
9.
Pamasrahan
ijasah sacara simbolik ka siswa Kelas IX
10.
Piagem pangajen ka 10 siswa nu nyangking préstasi.
11.
Nembangkeun lagu wajib “Syukur”
12.
Panutup/Du'a
13.
Pinton Seni
Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa Rahmawati
kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan!
Galindeng ayat suci Al Qur’an pamugi sing
janten cukang lantaran ngocorna rohmat sareng barokah Alloh ka urang sadaya. Amin!
Hadirin hormateun sim kuring!
Nincak acara nu katilu, nyaéta biantara
laporan pupuhu Panitia Paturay Tineung. Sumangga kersana Bapa Drs. Galih
Sundana dihaturanan!
…………..
Hatur séwu nuhun ka Pupuhu Panitia, kersana
Bapa Drs. Galih Sundana anu parantos ngadugikeun biantara laporanana.
Salajengna, sumangga urang sami-sami
ngabandungan hariring kawih “Sabilulungan” anu badé dipintonkeun ku Rampak
Sekar ti kelas tujuh. Sumangga dihaturanan!
…………..
Sabilulungan, sipat
silih rojong. Sipat urang Sunda nu kalintang
éndahna. Pamugi kawih anu nembé dihaharingkeun sing nyerep kana angen,
sing nitih kana ati sanubari.
Dina enggoning diajar urang salamina
tiasa silih rojong, silihasih ku pangarti,
silihasah ku kabisa, silihasuh
ku kaweruh.
Bapa miwah Ibu, hormateun sim kuring!
Acara salajengna nyaéta biantara pangbagéa
ti Pupuhu Komite Sakola. Sumangga kersana Bapa H. Ading Syahidin dihaturanan!
…………..
Hatur nuhun ka Pupuhu Komite Sakola, Bapa H.
Ading Syahidin anu parantos ngadugikeun biantara pangbagéana.
Salajengna, sumangga
urang ngabandungan deui hariring, nyaéta lagu wajib
ieu sakola, “Himneu SMP” anu badé dipintonkeun ku Kelompok Paduan Suara ti kelas dalapan. Sumangga dihaturanan!
Lagu “Himneu SMP” anu nembé dihariringkeun,
kantenan matak ngahudang waas, utamina ka akang-tétéh kelas salapan anu badé
ngantunkeun ieu sakola. Sok sanaos engké paturay patebih, pamugi tetep nineung
ka ieu sakola.
Hadirin, acara salajengna nyaéta
biantara ti Bapa Kapala Sakola. Sumangga kersana Bapa Drs. H. Undang Purwajati, M.Pd. dihaturanan!
…………..
Hatur séwu nuhun ka Bapa Kapala Sakola anu parantos ngadugikeun
biantarana. Pamugi rupi-rupi piwejang anu
nembé didugikeun ku anjeunna,
sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning
nyukcruk élmu sareng ngahontal préstasi nu langkung luhur.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Cunduk kana acara poko, nyaéta Prosési Penglepasan Kelas IX, anu
badé
digelarkeun dina wangun
Upacara Adat. Sumangga ka para patugas Upacara Adat dihaturanan!
…………..
Hadirin, alhamdulillah
Upacara Adat Penglepasan Kelas IX parantos lekasan. Teu
aya deui anu tiasa kadugikeun ka Akang-Tétéh Kelas IX, iwal ti kabingah
sareng pangwilujeng. Wilujeng, Akang-Tétéh
parantos lulus ngahontal préstasi di ieu sakola. Wilujeng angkat,
wilujeng nempuh sakola nu langkung
luhur. Mugia sadayana sing
lulus-banglus tiasa neraskeun ngahontal cita-cita.
Salajengna, Bapa Kapala
Sakola dihaturanan kanggo nyanggakeun ijasah sacara simbolik ka
wawakil siswa Kelas IX. Sumangga dihaturanan.
…………..
Hadirin, sakola urang
parantos nyangking rupi-rupi
préstasi dina widang science, olahraga, sareng kasenian. Éta préstasi téh dihontal di antawisna ku para siswa Kelas IX anu ayeuna
parantos lulus. Jalaran kitu
sakola badé maparin piagem minangka tawis panghargaan ka 10 siswa Kelas IX anu parantos nyangking préstasi.
Sumangga para siswa kalih Bapa Kapala
Sakola dihaturanan ka panggung!
…………..
Hatur séwu nuhun. Urang sadaya bingah
binarung reueus. Mugi- mugi éta préstasi sing janten pamecut sumanget ka
adi-adi para siswa di ieu sakola. Mugi ieu sakola sing beuki nanjung ku
rupi-rupi préstasi anu dihontal saban waktos ku para siswa. Amin
Hadirin, minangka tawis
sukur, sumangga urang pada tumungkul ngabandungan hariring lagu wajib
“Syukur” anu badé dipintonkeun ku Kelompok
Paduan Suara. Sumangga Kelompok Paduan
Suara dihaturanan!
…………..
Alhamdulillah, acara demi acara parantos
réngsé. Kangggo ngantebkeun tawis sukur, sumangga ieu acara urang pungkas ku
du’a sasarengan, kalayan dipingpin ku Bapa Ustad Fauzi. Sumangga Pa Ustad
dihaturanan!
…………..
Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh!
Acara Paturay Tineung parantos
lekasan. Minangka acara pamungkas
nyaéta Pinton Seni, anu badé mintonkeun rupi-rupi kasenian. Ieu acara hiburan badé dijejeran ku Sadérék
Febby Ayudia sareng Gentra Sukmana,
calon présénter anu nyongcolang ti sakola urang. Sumangga, Sadérék Febby sareng Gentra dihaturanan! Hadirin
mugi keprok!
Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur.
Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur
saur bahé carék, mugia kersa ngahapunten.
Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr. wb.
2. Panumbu Catur
(Modérator)
Ayeuna pék baca ieu téks biantara panumbu
catur di handap sarta bandingkeun jeung wacana anu tadi!
Panumbu Catur : Assalamu’alaikum
wr. wb.
Bapa/Ibu
Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat, dina danget ieu sim kuring sapa-
karanca ti kelompok hiji badé medar pasualan “Ngagunakeun basa Sunda dina
kahirupan sapopoé”. Ieu pasualan badé didugikeun ku Sadérék Jajang, sumangga
dihaturanan!.
Pangjejer :
Réréncangan sadaya, sakumaha anu tadi parantos
didugikeun ku Panumbu
Catur, urang badé
madung- dengkeun“Ngagunakeunbasa Sundadinakahirupan
sapopoé”. Ieu pasualan téh peryogi disawalakeun, jalaran beuki dieu ku urang beuki sering ka kuping
urang Sunda seueur anu henteu nyarios ku basa Sunda. Naon anu ngalantarankeunana, sareng
kedah kumaha urang ngungkulanana? Sumangga urang padungdengkeun dina ieu
sawala. Pamair sareng pamadegan ti sadayana kalintang diarep-arepna, supados ieu sawala téh aya mangpaatna.
Anu kasaksén
ku urang dina kahirupan
sadidinten, urang Sunda seueur anu wegah ngagunakeun basa
Sunda, utamina di kota-kota. Malah di pilemburan ogé ayeuna mah ampir sami baé, teu sakedik
urang Sunda anu nyariosna ku basa Indonésia.
Ku urang geuning sok sering ka
kuping, upami aya sepuh anu ngajak
nyarios ka murangkalih, nyariosna téh sok
ku basa Indonésia padahal sidik maranéhna téh
urang Sunda bari cicing di tatar Sunda.
Aya anu nyebatkeun yén maké basa Sunda téh cenah
géngsi, da basa urang lembur.
Tinggaleun jaman, henteu gaul, sareng sajabina.
Aya deui anu gaduh pamadegan yén basa Sunda téh cenah hésé da aya undak-usuk
basa. Sieun lepat ngagunakeun
undak-usuk. Sok pagentos maké basa kasar sareng
basa lemes, janten langkung
praktis nyarios ku basa
Indonésia waé. Kitu saurna téh. Duka
mana anu leres. Mung anu
puguh, salaku urang Sunda, urang
ulah cicingeun atawa ngantepkeun ieu pasualan. Da upami henteu ditarékahan, tangtos urang Sunda
bakal beuki seueur anu henteu ngagunakeun basa Sunda. Upami kitu, tangtos wé
basa Sundana ogé bakal leungit.
Atuh bangsa Sundana ogé moal aya, da apan
ceuk paribasa, Basa téh cicirén
bangsa. Leungit basana ilang bangsana. Ayeuna kantun kumaha sikep urang. Naha badé ngantepkeun basa Sunda sina leungit,
atawa ku urang rék dipiara
sangkan basa Sunda langgeng jadi banda budaya sareng jati diri urang Sunda? Rupina sakitu anu
tiasa kadugikeun ku sim kuring.
Mangga urang sawalakeun.
Panumbu Catur : Hatur nuhun ka Sadérék Jajang anu parantos
ngadugikeun pasualan. Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya,
rupina éta jejer pasualan anu diasongkeun
ku sim kuring saparakanca kanggo bahan sawalakeuneun urang danget
ieu. Jalaran kitu, sim kuring badé langsung waé masihan waktos ka réréncangan
sadayana supados mairan, ngadugikeun pamendak masing-masing.
Sumangga, saha anu badé mairan?
Siswa 1 : (Bari ngacung) “Abdi, pun Galih ti kelompok 3!
Ceuk abdi mah, saha waé anu cicing di tatar Sunda, wajib
nyarita ku basa Sunda. Upami aya urang Sunda anu gagayaan nyarita ku basa
Indonésia, ku urang kedah digeuing.
Siswa 2 : Abdi, pun Sinta ti kelompok 2 badé mairan! Tadi ku
urang kakuping, yén basa Sunda téh sesah lantaran
aya undak usuk-basa,
dugi ka urang Sunda seueur anu nyarios ku basa Indonesia. Janten anu jadi hahalangna téh undak-usuk. Kumaha atuh upami undak-usuk basana dileungitkeun?
Siswa 3 : Sim kuring, pun Usép, ti kelompok 6 badé mairan!
Sim kuring rada kirang
panuju kana pamadegan Nurul. Upami undak-usuk basa dileungitkeun, basa Sunda moal gaduh ciri has
anu mandiri. Jaba engké moal aya deui disebat basa lemes. Nu aya téh basa kasar wé panginten. Mung sakitu. Hatur nuhun!
Panumbu Catur : Hatur nuhun ka réréncangan anu parantos
ngedalkeun pamendakna. Sawala
urang janten langkung ramé. Naha undak-usuk
kedah dileungitkeun atawa henteu,
mangga tiasa dipairan deui ku nu sanés.
Nanging anu badé mairan atawa ngadugikeun pamendak, mugi henteu papanjangan. Singget baé nujul kana
poko pasualan. Mangga saha deui anu
badé
mairan?
Siswa 4 : Abdi, pun Rina,
ti kelompok 4! Ceuk abdi mah kieu,
supados urang Sunda tiasa nyarios ku basa Sunda bari leres undak-usukna, rupina
kedah aya tempat kursus basa Sunda, sapertos tempat kursus basa Inggris nu
ayeuna seueur di mana-mana. Janten saha baé, rek urang Sunda rék urang Batak
anu badé dialajar basa Sunda, nya lebet kursus téa.
Siswa 5 : Sim kuring, pun Tantan, ti kelompok 5! Sim kuring
panuju kana pamadegan Nunung, mung aya
tambihna. Rupina sanés kursus baé anu kedah diayakeun téh, tapi ogé buku-buku
kamus alit basa
Sunda anu pangaosna mirah, sarta tiasa dipésér di mana
baé. Upami aya pancén basa Sunda urang
ogé apan sok peryogi ku kamus téh.
Siswa 6 : Abdi, pun Yuni,
ti kelompok 7 badé ngiring
mairan! Leres anu didugikeun ku réréncangan nembé, supados
masarakat tiasa diajar basa Sunda kedah aya tempat kursus, kedah aya kamus.
Nanging ceuk abdi nu pentingna pisan mah kedah aya kasadaran dina diri urang,
yén basa Sunda téh banda urang anu kedah dipiara.Kedah dihargaan bari dianggo
dina kahirupan sadidinten. Rek leres undak-usukna rék henteu, anu penting
nyarios ku Basa Sunda. Mung Sakitu. Hatur Nuhun!
Panumbu Catur :
Hatur nuhun kana
pamair ti réréncangan
sadaya.
Tina sawala urang nembé rupina tiasa dicindekeun, yén anu penting téh nyaéta
kasadaran urang ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sadi- dinten. Perkawis undak-usuk, naha leres atawa lepat
ngalarapkeunana, rupina teu kedah
janten hahalang. Nu penting urang nyarita
ku basa Sunda. Tangtos baé kedah bari teras diajar, supados
langkung paham, mana basa anu merenah atawa
saé sareng mana anu henteu.
Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat,
rupina sakitu anu tiasa kapidangkeun dina ieu sawala. Hatur séwu nuhun kana
perhatosan ti sadayana. Hapunten bilih aya kakirangan sareng kalepatan. Wassalamu’alaikum wr. wb.
LATIHAN
SOAL
Sangkan hidep leuwih paham kana eusi téks di luhur, pék jawab ieu pananya kalawan singget tur
merenah!
1.
Cing jéntrékeun ku hidep, naon pancénna
panata acara téh?
2.
Acara naon anu dijejeran ku panata acara dina éta téks téh?
3.
Naon cenah maksudna éta acara bet dihariringkeun kawih “Sabilulungan”?
4. Ceuk hidep kira-kira naon anu bakal jadi pamecut préstasi
para siswa dina éta acara?
5.
Kumaha pamanggih hidep kana omongan panata acara dina éta téks?
Lebah mana alusna atawa kahéngkéranana?
6.
Jéntrékeun naon bédana pancén panata acara jeung panumbu catur?
7.
Naon jejerna sawala anu dicaritakeun
dina téks omongan panumbu catur téh?
8.
Ceuk pangjejer, kumaha kaayaan urang Sunda ayeuna dina ngagunakeun basa Sunda?
9.
Kumaha pamanggih hidep kana pasualan undak- usuk basa anu disawalakeun
dina éta téks?
10.
Panumbu
catur téh pancénna purah ngatur lumangsungna sawala (diskusi).
Cing pék tuduhkeun lebah mana pancén panumbu catur dina téks
di luhur!
Komentar
Posting Komentar