KAWIH
PANGAJARAN
I
KAWIH
A. KAWIH
SUNDA
Kawih teh nya eta rakitan basa sabangsa dangding
(puisi) anu henteu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kaih atawa
sisindiran, iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu
medalna kabaheulaan, rumpaka kawih teh nyokot tina wangun sajak antawa puisi.
Biasana kawih sok dipirig ku gamelan.
Conto Kawih :
PAHLAWAN TOHA
(pencipta: Sonjaya E., Anang Perman, Nano Suratno)
Getih suci nyiram
bumi
tulang setra mulang lemah
babakti nyungkon pertiwi
cikal bugang putra bangsa.
Nyatana
Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
tugu diwangun ngajadi ciri
tarate nu mangkak ligar di empang
jadi bukti gugurna Pahlawan Toha.
B.
Mahamkeun
Eusi Kawih
Kawih Sunda téh loba pisan rupana.
Aya anu dipirig ku
calung, ku degung, kacapi suling, malah anu dipirig ku keyboard jeung gitar ogé loba. Jejer/témana ogé ruparupa
deuih. Aya nu nyaritakeun cinta, kahirupan, kaéndahan alam, cinta lemah cai, rupa-rupa kadaharan, jsb. Jejer kawih anu
judulna “Pahlawan Toha” mah
ngeunaan kapahlawanan.
Eusina
nyaritakeun kajadian gugurna Muhamad Toha salasaurang pahlawan pajoang kamerdékaan ti
Jawa Barat. Kajadian ieu téh kawangikeun ka sakuliah Nusantara. Kumaha gedéna jasa Muhamad Toha, kagambar dina
rumpaka kawih. Muhamad Toha dianggap maot sahid dina kaayaan suci. Pan disebutna
ogé : getih suci nyiram bumi/tulang
sétra mulang lemah. Rumpaka getih suci jeung
tulang sétra nganggap yén maotna
dina kaayaan sahid. Satuluyna Muhamad
Toha gé disebut cikal
bugang putra bangsa. Ieu rumpaka nétélakeun Muhamad Toha téh dianggap korban
munggaran di pangperangan. Sana-jan
saméméhna tangtu baé geus loba nu
jadi korban perang, tapi ku gedé-gedéna jasa Muhamad Toha dina mangsa perjoangan nepi ka dianggap cikal bugangna putra bangsa. Pantes
rék kitu ogé, kapan Muhamad Toha téh ngorbankeun dirina sorangan waktu ngahuru gudang mesiu.
Dina pada kadua, ieu kawih téh nyaritakeun
yén Muhamad Toha téh urang Dayeuh Kolot, Bandung Selatan.
Pikeun pangéling-éling kana jasana, diwangun
tugu anu
dikurilingan ku émpang pinuh kembang taraté. Éta tugu téh perenahna
di sisi lapang di Dayeuh Kolot.
C. Jenis
Jenis Kawih
1.
Kawih tangtung 7. Kawih porod eurih
2.
Kawih panjang 8. Kawih sasambatan
3.
Kawih lalangunan 9. Kkawih igel-igelan
4.
Kawih bongbongkaso 10. Kawih babatranan
5.
Kawih parerane 11. Kawih bwatuha
6. Kawih sisindiran
Kawih, tembang dan kakawihan adalah merupakan jenis-jenis lagu Sunda. Jika dilihat dari syair atau kata-katanya, kawih tembang dan kakakwihan juga merupakan karya sastra dalam bentuk puisi.
Perbedaan antara kawih, tembang dan kakawihan adalah bahwa kawih dan kakawihan merupakan karya sastra dalam bentuk puisi yang tidak terikat oleh aturan, sedangkan tembang merupakan karya sastra dalam bentuk puisi yang terikat oleh aturan, yaitu terikat oleh aturan pupuh.
Sedangkan perbedaan antara kawih dengan kakawihan adalah kalau kalau kawih biasa dinyanyikan di mana saja dan kapan saja, sedangkan kakawihan biasa digunakan pada saat sedang bermain atau sedang bekerja.
D.
Bedana Kawih Jeung Tembang
Aya
sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik
tina rumpakana kawih, kakawihan jeung tembang teh mangrupa karya sastra dina
wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu
kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan
nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh nyaeta guru wilangan, guru lagu
jeung watek.
Simak lebih lanjut di Brainly.co.id - https://brainly.co.id/tugas/826623#readmore
*Latihan
Soal
Eusian
soal di handap!
1.
Jelaskeun artina kawih !
Jawab : .........................................................................................................................
......................................................................................................................................
2. Jelaskeun bedana kawih jeung tembang !
Jawab :
.........................................................................................................................
......................................................................................................................................
3. Saha Pahlawan Toha téh? Caritakeun kalawan jéntré naon jasana
ka nagara!
Jawab :
.........................................................................................................................
......................................................................................................................................
4. Naha Muhamad Toha dianggap maot sahid?
Jawab :
.........................................................................................................................
......................................................................................................................................
5. Kumaha perasaan hidep sabada maca rumpaka kawih Pahlawan
Toha?
Jawab : .........................................................................................................................
......................................................................................................................................
Komentar
Posting Komentar