Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2020

KAWIH

PANGAJARAN I KAWIH   A.       KAWIH SUNDA Kawih teh nya eta rakitan basa sabangsa dangding (puisi) anu henteu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kaih atawa sisindiran, iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu medalna kabaheulaan, rumpaka kawih teh nyokot tina wangun sajak antawa puisi. Biasana kawih sok dipirig ku gamelan.   Conto Kawih : PAHLAWAN TOHA (pencipta: Sonjaya E., Anang Perman, Nano Suratno) Getih suci nyiram bumi tulang setra mulang lemah babakti nyungkon pertiwi cikal bugang putra bangsa. Nyatana Pahlawan Toha Pahlawan Bandung Selatan Patriot ti Dayeuh Kolot tugu diwangun ngajadi ciri tarate nu mangkak ligar di empang jadi bukti gugurna Pahlawan Toha. B.       Mahamkeun Eusi Kawih Kawih Sunda téh loba pisan rupana. Aya anu dipirig ku calung, ku degung, kacapi suling, malah anu dipirig ku keyboard jeung gitar ogé loba. Jejer/témana ogé ruparupa deuih...

PANATA ACARA/ PEMBAWA ACARA

PANGAJARAN I PANATA ACARA   A.     Maca Wacana Baca sarta titénan ieu conto téks omongan di handap! 1.       Panata Acara Ieu di handap aya conto téks omongan panata acara. Pék baca sarta tengetan ku hidep sing gemet!   Assalamu’alaikum wr. wb. Bapa miwah Ibu, hadirin sadaya hormateun sim kuring! Langkung ti payun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat ka urang sadaya. Alhamdulillah ku rohmat manten-Na, dina danget ieu urang dipaparin séhat sareng kakiatan, dugi ka tiasa riung mungpulung di ieu patempatan, dina raraga nyakséni acara paturay tineung sareng ngajurung laku ka siswa-siswi kelas salapan anu parantos lulus ti ieu sakola. Hatur séwu nuhun ka Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu parantos kersa rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara. Pamugi ieu silaturrahmi téh sing nyandak barokah sareng kasaéan ka urang sadaya. ...